Paturay tineung angkatan 2019/2020
Anaking jimatawaking mugi hidep panjang yuswa, sing mulus rahayu nerapkeun elmu, regepkeun mangka sing eling, Jung anaking hidep di andung pidu'a indung bapa keur anjeun nu bakal miang. Anaking hidep kudu reueus, jalanan hirup Ku handap asor ka sasama, ngarah hidep hirup loba dulur akur jeung salembur, ulah hariwang nu can kasorang. Anaking lumampah nyorang lalakon nyaba ka jaganing jaga, neang hirup nu rahayu, tancebkeun nawaetu nu saestu.
